Postingan

Menampilkan postingan dari Oktober, 2020

Materi Bahasa Sunda Kelas 9 Pert-6

  Tugasna :    Baca sarta tengetan ieu wacana di handap!                                                             Pakeman Basa   Urang Sunda mah ari nyarita téh aya kalana sok tara togmol ka nu dimaksud, tapi malibir malar henteu nerag karasana sarta anu diajak nyaritana surti. Malibirkeun omongan bisa ku rupa-rupa ungkara, upamana baé ku babasan, ku paribasa, atawa ku kekecapan séjén anu maksudna henteu nembrak. Dina pangajaran ayeuna hidep bakal diajar wikawanoh sawatara pakeman basa anu ilahar sok dipaké nyarita ku urang Sunda dina kahirupan sapopoé.     A.   Maca Wacana   Baca sarta tengetan ieu wacana di handap!   Hayu Urang Nyarita ku Basa Sunda   Basa Sunda téh banda urang anu kudu dipiara dimumulé. Ari miarana di antarana nyaéta ku cara nyarita maké basa Sunda dina kahirupan sapopoé. Ayeuna kasaksén ku urang, loba urang Sunda anu henteu nyarita ku basa Sunda, boh di imah boh di tempat campur gaul. Utamana di kota-kota anu kitu téh. Anu jadi alesanana, lingkung