Materi Bahasa Sunda Kelas 9 Pert-6
Tugasna : Baca sarta tengetan ieu wacana di handap!
Pakeman Basa
Urang Sunda mah ari nyarita téh aya kalana sok tara togmol ka nu dimaksud, tapi malibir malar henteu nerag karasana sarta anu diajak nyaritana surti. Malibirkeun omongan bisa ku rupa-rupa ungkara, upamana baé ku babasan, ku paribasa, atawa ku kekecapan séjén anu maksudna henteu nembrak. Dina pangajaran ayeuna hidep bakal diajar wikawanoh sawatara pakeman basa anu ilahar sok dipaké nyarita ku urang Sunda dina kahirupan sapopoé.
A. Maca
Wacana
Baca sarta tengetan ieu wacana di handap!
Hayu Urang Nyarita ku Basa Sunda
Basa Sunda téh banda urang anu kudu dipiara dimumulé. Ari miarana di antarana nyaéta ku cara nyarita maké basa Sunda dina kahirupan sapopoé. Ayeuna kasaksén ku urang, loba urang Sunda anu henteu nyarita ku basa Sunda, boh di imah boh di tempat campur gaul. Utamana di kota-kota anu kitu téh. Anu jadi alesanana, lingkungan kota kiwari geus jadi tempat pacampurna rupa-rupa sélér; Sunda, Jawa, Batak, Padang, jeung sajabana. Ku sabab kitu, tangtu baé basa anu digunakeun dina campur gaul sapopoé téh kudu ku basa Indonésia. Aya deui alesan anu séjénna, majar basa Sunda téh hésé ku sabab aya undak-usuk, ragam basa anu ngabéda-béda basa keur ka diri sorangan jeung keur ka batur. Sieun bisi salah ngalarapkeunana. Nu matak mending maké basa Indonésia. Alesan anu séjénna, majar basa Sunda téh tinggaleun jaman, asa kesan kampungan, teu up date, jeung sajabana. Bisa jadi aya kénéh alesan anu séjénna, tapi umumna mah nu tilu perkara éta anu sok mindeng kadéngé ku urang. Tiluanana gé aya benerna. Tapi upama urang, urang Sunda, boga pamadegan kawas kitu, tinangtu nasib basa Sunda téh moal lila bakal leungit. Bakal moal aya nu maraké deui. Ceuk babasan mah jati kasilih ku junti téa. Banda urang anu poko, kasilih, kaganti ku naon-naon anu jol ti luar, nyaéta ku basa deungeun. Padahal apan ku sabab ayana basa Sunda pisan urang bisa nyebut ayana urang Sunda téh. Aya paribasa nu nétélakeun, “basa téh cicirén bangsa, leungit basana ilang bangsana”. Tegesna moal aya deui sesebutan urang Sunda téh, upama basa Sundana geus ngaleungit, teu diparaké.
Sanajan
kiwari urang Sunda beuki loba pacampur jeung sélér séjén, lain hartina urang
kudu cul ninggalkeun basa Sunda. Sikep anu hadé mah tetep ajeg ngajénan jeung
maké basa sorangan. Da kapan henteu saban waktu urang pagilinggisik sarta
cacarita jeung urang Jawa atawa Batak. Di lingkungan kulawarga atawa ngomong
jeung tatangga mah nya tangtu ku basa Sunda, anu bakal karasa leuwih ‘deukeut
layeutna’ tibatan ku basa séjén. Ari pasualan undak-usuk, saenyana siga-siga
jadi alesan pikeun maranéhna anu horéam nyarita ku basa Sunda. Pangna kitu
sabab saenyana henteu sabaraha loba kecap-kecap basa lemes anu sok dipaké
sapopoé tur kudu merenah undak-usukna téh. Geura urang tataan contona, upamana:
bantun-candak, mios-angkat, neda-tuang, wangsul-mulih, dongkap-sumping,
kakuping-kadangu, sanggem-saur, calik-linggih, jsb. Papasangan kecap lemes
kawas kitu téh upama diitung, paling ukur 20 atawa 30 kecap, anu mindeng sok
dipaké sapopoé. Jadi saenyana lebah mana héséna undak-usuk téh? Naha ku
kecap-kecap lemes anu teu sabaraha jumlahna, urang bet jadi sieun salah henteu
hayang bisa? Bandingkeun upamana jeung kecap basa Inggris anu kudu kacangkem
upama urang hayang bisa nyarita ku basa Inggris.
Upama
aya anggapan yén basa Sunda henteu gaul, henteu up date, ieu gé anggapan anu salah. Kiwari malah mindeng kadéngé
yén keca-kecap basa Sunda beuki loba diparaké di lingkungan nasional, boh lisan
upamana baé ku penyiar TV atawa radio, boh ku wartawan dina koran atawa
majalah. Contona kecap-kecap saperti; bobotoh, ngabuburit, kudu, keukeuh, jsb.,
kiwari geus mindeng dipaké. Ieu hiji bukti yén basa Sunda ogé bisa makalangan,
malah sok karasa leuwih kerén, tibatan basa Indonésia.
Salian
ti sual kecap, dina basa Sunda ogé aya ajén-inajén tatakrama. Aya
ungkara-ungkara paribasa anu némbongkeun kumaha tatakrama urang Sunda, upamana
baé; hadé tata hadé basa, hadé gogog hadé tagog, soméah hadé ka sémah, tutulung
ka nu butuh tatalang ka nu susah, jsb. Naon ari tatakrama téh? Tatakrama asalna
tina basa Sangsakerta; tata hartina aturan atawa palanggeran; krama hartina
hormat. Jadi tatakrama
téh
aturan dina ngahormat atawa aturan sopan santun anu disaluyuan ku warga
masarakat, pikeun silihajénan jeung nu lian.
Unggal
bangsa atawa suku bangsa ngabogaan tatakrama séwang-séwangan saluyu jeung
tradisi sarta ajén moral anu dianutna. Urang Sunda tangtu waé boga tatakrama
anu mandiri, anu jadi ciri urang Sunda. Ieu tatakrama téh ngawengku aturan dina
anggah-ungguh (gerak angota badan) jeung aturan dina omongan atawa basa anu
digunakeun.
Tatakrama
anu patali jeung anggah-ungguh upamana baé, cara sasalaman, cara diuk (awewé
kudu émok, jsb), awak kudu rengkuh lamun nyarita jeung jalma anu dihormat, jsb.
Ari
nu patali jeung omongan atawa prak-prakan ngagunakeun basa, urang Sunda boga aturan
anu husus, nyaéta undak-usuk basa sakumaha anu tadi geus kasabit di luhur.
Undak-usuk basa téh tahapan atawa panta-pantana basa, atawa luhur-handapna ajén
basa anu dilarapkeun saluyu jeung jalma anu diajak nyarita. Dina basa Sunda aya
nu disebut basa lemes, basa sedeng (loma), jeung basa kasar.
Diajar
basa Sunda téh di antarana sangkan urang paham sarta bisa ngalarapkeun basa
lemes dina omongan sapopoé. Basa lemes digunakeun upama urang nyarita jeung
jalma anu saluhureun, boh umurna boh kalungguhanana, atawa ka jalma anu can
pati loma jeung urang. Ari maksudna, ngagunakeun basa lemes téh pikeun ngajénan
atawa ngahormat ka batur (jalma anu diajak nyarita ku urang). Dina prakna
nyarita, urang kudu paham mana basa lemes anu digunakeun keur diri sorangan jeung
mana anu keur ka batur.
Tina
pedaran tadi, katémbong yén basa Sunda téh tetep hirup sarta masih diparaké ku
urang Sunda. Dina kamekaranana basa Sunda longgar bisa narima pangaruh tina
basa séjén, upamana baé tina basa Jawa. Tapi ku pangaruh anu beuki nyosok ti
luar, tina kaayan pajamanan, kiwari urang Sunda aya anu henteu maraké basana
sorangan. Salaku urang Sunda anu nyaah tur héman kana basana, urang tangtu kudu
teteg teu galideur. Hayu urang nyarita ku basa Sunda dina kahirupan sapopoé.
Ngan ku cara kitu basa Sunda bakal langgeng, bakal manjang ngigelan jaman.
Komentar
Posting Komentar