Materi Bahasa Sunda Kelas 9_Pert-2

Materi 2 

2.            Panumbu Catur (Modérator)

 

Ayeuna pék baca ieu téks biantara panumbu catur di handap sarta bandingkeun jeung wacana anu tadi diluhur (materi ka 1).

 

Panumbu Catur            : Assalamu’alaikum wr. wb.  

Bapa/Ibu Guru kalih réréncangan sadaya anu dipihormat, dina danget ieu sim kuring sapa-karanca ti kelompok hiji badé medar pasualan “Ngagunakeun basa Sunda dina kahirupan sapopoé”. Ieu pasualan badé didugikeun ku Sadérék Jajang, sumangga dihaturanan!

Pangjejer                            : Réréncangan sadaya, sakumaha anu tadi parantos

didugikeun ku Panumbu Catur, urang badé madung-

 

dengkeun “Ngagunakeun basa Sunda dina kahirupan

 

sapopoé”. Ieu pasualan téh peryogi disawalakeun,

jalaran beuki dieu ku urang beuki sering ka kuping

urang Sunda seueur anu henteu nyarios ku basa

Sunda. Naon anu ngalantarankeunana, sareng kedah

 

kumaha urang ngungkulanana? Sumangga urang

padungdengkeun dina ieu sawala. Pamair sareng

pamadegan ti sadayana kalintang diarep-arepna,

supados ieu sawala téh aya mangpaatna.

Anu kasaksén ku urang dina kahirupan sadidinten,

urang Sunda seueur anu wegah ngagunakeun basa

Sunda, utamina di kota-kota. Malah di pilemburan

ogé ayeuna mah ampir sami baé, teu sakedik urang

Sunda anu nyariosna ku basa Indonésia. Ku urang

geuning sok sering ka kuping, upami aya sepuh

anu ngajak nyarios ka murangkalih, nyariosna téh

sok ku basa Indonésia padahal sidik maranéhna

téh urang Sunda bari cicing di tatar Sunda.

Aya anu nyebatkeun yén maké basa Sunda téh

cenah géngsi, da basa urang lembur. Tinggaleun

jaman, henteu gaul, sareng sajabina. Aya deui anu

gaduh pamadegan yén basa Sunda téh cenah hésé

da aya undak-usuk basa. Sieun lepat ngagunakeun

undak-usuk. Sok pagentos maké basa kasar sareng

basa lemes, janten langkung praktis nyarios ku basa

Indonésia waé. Kitu saurna téh. Duka mana anu

leres. Mung anu puguh, salaku urang Sunda, urang

ulah cicingeun atawa ngantepkeun ieu pasualan.

Da upami henteu ditarékahan, tangtos urang Sunda

bakal beuki seueur anu henteu ngagunakeun basa

Sunda. Upami kitu, tangtos wé basa Sundana ogé

 

bakal leungit. Atuh bangsa Sundana ogé moal aya,

da apan ceuk paribasa, Basa téh cicirén bangsa.

Leungit basana ilang bangsana.

Ayeuna kantun kumaha sikep urang. Naha badé

ngantepkeun basa Sunda sina leungit, atawa ku

urang rék dipiara sangkan basa Sunda langgeng

jadi banda budaya sareng jati diri urang Sunda?

Rupina sakitu anu tiasa kadugikeun ku sim kuring.

Mangga urang sawalakeun.

 

Panumbu Catur            : Hatur  nuhun  ka  Sadérék  Jajang  anu  parantos

ngadugikeun    pasualan.    Bapa/Ibu    Guru    kalih

réréncangan  sadaya,  rupina  éta  jejer  pasualan

anu  diasongkeun  ku  sim  kuring  saparakanca

kanggo    bahan    sawalakeuneun    urang     danget

ieu. Jalaran kitu, sim kuring badé langsung waé

masihan waktos ka réréncangan sadayana supados

mairan, ngadugikeun pamendak masing-masing.

Sumangga, saha anu badé mairan?

 

Siswa 1                                : (Bari ngacung) “Abdi, pun Galih ti kelompok 3!

Ceuk abdi mah, saha waé anu cicing di tatar Sunda,

wajib nyarita ku basa Sunda. Upami aya urang

Sunda anu gagayaan nyarita ku basa Indonésia, ku

urang kedah digeuing.

 

Siswa 2                                : Abdi, pun Sinta ti kelompok 2 badé mairan! Tadi ku

urang kakuping, yén basa Sunda téh sesah lantaran

aya undak usuk-basa, dugi ka urang Sunda seueur

anu nyarios ku basa Indonesia. Janten anu jadi

hahalangna téh undak-usuk. Kumaha atuh upami

undak-usuk basana dileungitkeun?

 

Siswa 3                                :  Sim kuring, pun Usép, ti kelompok 6 badé mairan!

Sim kuring rada kirang panuju kana pamadegan

Nurul. Upami undak-usuk basa dileungitkeun,

basa Sunda moal gaduh ciri has anu mandiri. Jaba

engké moal aya deui disebat basa lemes. Nu aya

téh basa kasar wé panginten. Mung sakitu. Hatur

 

nuhun!

 

Panumbu Catur

: Hatur  nuhun  ka  réréncangan  anu  parantos

 

ngedalkeun  pamendakna.  Sawala  urang  janten

 

langkung   ramé.   Naha   undak-usuk

kedah

 

dileungitkeun  atawa  henteu,  mangga  tiasa

 

dipairan deui ku nu sanés. Nanging anu badé

 

mairan  atawa  ngadugikeun  pamendak,  mugi

 

henteu papanjangan. Singget baé nujul kana poko

 

pasualan. Mangga saha deui anu badé mairan?

Siswa 4

: Abdi, pun Rina, ti kelompok 4! Ceuk abdi mah kieu,

 

supados urang Sunda tiasa nyarios ku basa

Sunda

 

bari leres undak-usukna, rupina kedah aya tempat

 

kursus basa Sunda, sapertos tempat kursus basa

 

Inggris nu ayeuna seueur di mana-mana. Janten

 

saha baé, rek urang Sunda rék urang Batak anu

 

badé dialajar basa Sunda, nya lebet kursus téa.

Siswa 5

: Sim kuring, pun Tantan, ti kelompok 5! Sim kuring

 

panuju  kana  pamadegan  Nunung,  mung  aya

 

tambihna. Rupina sanés kursus baé anu kedah

 

diayakeun téh, tapi ogé buku-buku kamus alit basa

 

Sunda anu pangaosna mirah, sarta tiasa dipésér di

 

mana baé. Upami aya pancén basa Sunda urang

 

ogé apan sok peryogi ku kamus téh.

 

Siswa 6

: Abdi,  pun  Yuni,  ti  kelompok  7  badé  ngiring

 

mairan! Leres anu didugikeun ku réréncangan

 

nembé, supados masarakat tiasa diajar basa Sunda

 

kedah  aya  tempat  kursus,  kedah  aya  kamus.

 

Nanging ceuk abdi nu pentingna pisan mah kedah

 

aya kasadaran dina diri urang, yén basa Sunda téh

 

banda urang anu kedah dipiara.Kedah dihargaan

 

bari dianggo dina kahirupan sadidinten. Rek leres

 

undak-usukna rék henteu, anu penting nyarios ku

 

Basa Sunda. Mung Sakitu. Hatur Nuhun!

 

Panumbu Catur

: Hatur nuhun kana pamair ti réréncangan sadaya.

 

Tina sawala urang nembé rupina tiasa dicindekeun,

 

yén  anu  penting  téh  nyaéta  kasadaran

urang

 

ngagunakeun basa Sunda dina kahirupan sadi-dinten. Perkawis undak-usuk, naha leres atawa lepat ngalarapkeunana, rupina teu kedah janten hahalang. Nu penting urang nyarita ku basa Sunda. Tangtos baé kedah bari teras diajar, supados langkung paham, mana basa anu merenah atawa saé sareng mana anu henteu.

 

Bapa/Ibu Guru kalih réréncangan sadaya anu dipihormat, rupina sakitu anu tiasa kapidangkeun dina ieu sawala. Hatur séwu nuhun kana perhatosan ti sadayana. Hapunten bilih aya kakirangan sareng kalepatan. Wassalamu’alaikum wr. wb.

 

 Tugasna eusian pertanyaan dihandap ieu!

Sangkan hidep leuwih paham kana eusi téks di luhur, pék jawab ieu pananya kalawan singget tur merenah!  

1.             Cing jéntrékeun ku hidep, naon pancénna panata acara téh?

2.             Acara naon anu dijejeran ku panata acara dina éta téks téh?

3.             Naon cenah maksudna éta acara bet dihariringkeun kawih “Sabilulungan”?

4.             Ceuk hidep kira-kira naon anu bakal jadi pamecut préstasi para siswa dina éta acara?

5.             Kumaha pamanggih hidep kana omongan panata acara dina éta téks? Lebah mana alusna atawa kahéngkéranana?

6.             Jéntrékeun naon bédana pancén panata acara jeung panumbu catur?

7.             Naon jejerna sawala anu dicaritakeun dina téks omongan panumbu catur téh?

8.             Ceuk pangjejer, kumaha kaayaan urang Sunda ayeuna dina ngagunakeun basa Sunda?

9.             Kumaha pamanggih hidep kana pasualan undak-usuk basa anu disawalakeun dina éta téks? 

10.         anumbu catur téh pancénna purah ngatur lumangsungna sawala (diskusi). Cing pék tuduhkeun lebah mana pancén panumbu catur dina téks di luhur! 




Upami saatos dibaca  eusian pertanyaana, 
teras kintun kana Link dihandap ieu!!


KIRIM TUGAS DISINI

Komentar

Postingan populer dari blog ini

Materi Bahasa Sunda Kelas 9 _Pert-1

Materi Bahasa Sunda Kelas 9 Pert-6